PANTUN (SISINDIRAN)

Sisindiran
Ku : Asep P. Kurnia

Pager endah ku baluntas
Sisi jalan ka Cibodas
Kuliah ka universitas
Ngaronjatkeun ajen jeung kualitas

Maksudna :
Keur nu soson-soson nyuprih elmu di paguron luhur, kalayan tujuannana ngaronjatkeun kualitas. Tangtuna lain sakadar ngudag ijazah.

Lain lantung tambuh laku
Ngalengkah nyiar kifayah
Abdi tekun maca buku
Kuliah tambah gairah

Maksudna :
Kalawan tekun maca buku, kuliah jeung diajar moal karasa hese, malahan tambah gairah.

Lauk emas ngakan ganggeng
Disamberan ku japati
Boga emas moal langgeng
Teu cara boga pangarti

Maksudna :
Harta banda mah keuna ku beak, lain deui mun boga elmu, sarta elmu mah moal keuna ku beak.

Salayang sabrang salayang
Ka imah ngadon rek ngarih
Kuliah datangna beurang
Kumaha atuda tebih

Maksudna :
Alesan keur nu sok kabeurangan kuliah, lantaran didugdag jauh.

Ti Garut oleh-olehna jeruk
Saledri ti Cisondari
Unggal poe elmu dicukcruk
Geus ngarti percaya diri

Maksudna :
Kudu daek tekun nyukcruk elmu unggal poe unggal waktu, sabab mun geus kapimilik, pinasti ngarti jeung percaya diri.

0 comments:

Post a Comment