TUKANG LAHANG JEUNG RANDA NGORA

Cumarios perkawis politik, ah kanggo abdi mah di luar kapasitas. Kagugah ku seueurna info rekan fb anu nyeratkeun pandangan politikna ‘lieur’, namung seueur oge anu nyawalakeun sual pulitik atanapi politik. Ongkoh lieur, tapi digugulung. Enya da memang kedahna kitu. Malih di nagara majeng mah kedah dijentrekeun perkawis pandangan politik teh. Bade mihak ka partey ‘Abah’, bade milih partey ‘Babeh’, atanapi bade ngarojong ka partey ‘Cunihin’. Namung upami sikep urang bade netral mah tangtos nyantumkeun status ‘non partisan’. Eta teh diperyogikeun dapon urang katawis pamadeganana, sareng komitmenna. Numutkeun ajaran Islam oge, juntrungna nagara atanapi tatanan kamsyarakatan teh kedah disarengan ku gerakan politik, disebatna ‘siyasah’. Namung tangtos panginten siyasahna ‘Siyasah Islamiyah’ anu teu ngarugelkeun sadayana pihak. Ulah kajantena sapertos fenomena politik di ‘Republik Mimpi’. Ku urang pan katangen, fenomena politik di Republik Mimpi mah, bet aya padamel biasa golongan III/A namung tiasa ngokod artos dugi ka trilyunan rupiah. Ruarrrr binasa…!

Pendidikan politik bagi setiap warga negara, sangat diperlukan dalam rangka membangun negara yang madani, kokoh, dan demokratis. Waduh mani asa ilmiah. Punten ah, abdi mah sanes pakar politik, hehehe. Pribados teu patos paos bade cumarios perkawis mafia pajakna Agan Yuyus, hebohna skandal Ceu Sulastri, atanapi pengemplang pajak anu ditudingkeun ka perusahaan Grup Bakery, sareng nu sanesna. Keun bae eta mah bagean pakar-na. Urang mah bati ceuleumeut, bati olohok bae.

Kamampuan politik pribados mah, mung sabudeureun kampung padumukan. Ari cariosna mah dilakonan ku Abah Olot anu padamelan sadidintenna dagang lahang, sareng Nyi Denok bentang kampung randa demplon. Ari Abah Olot, teuing ku cunihin, teu kaop ningal anu donto, karepna sok nyoso jero. Sedengkeun ari Nyi Denok, anu tos tujuh taun lalagasan, kari-kari kiwari rada cumentil. Kituna teh ti saprak ka lembur eta, aya duda gandang dedeg sampe rupa hade, pindahan ti kota, ngagaleuh bumi agreng tilas juragan kontrak. Katara eta duda ganteng teh jalmi nyondong, da mobilna oge katawis aya limana. Unggal kaluar teu weleh nganggo kaca soca hideung. Duka kirang ningal, duka socana cileuhan bae. Hehe deui…

Bet tara-tara ti sasari, Nyi Denok sering ngalangkung ka payuneun eta bumi. Sok kantenan pami bade ka warung ngagaleuh tarasi, ngahaja tebih ge nguriling, dapon tiasa papendak sareng engkang duda. Mung hanjakal si engkang teh sikepna biasa-biasa bae, najan paadu teuteup teu nembongkeun rasa kataji ku denokna Nyi Denok, seuri ge saukur puraga tamba kadengda, bubuhan jeung papada tatangga, panginten.

Nyi Denok kuciwa. “Palangsiang aing kurang nyari.” Keretegna. “Atawa boa awaking henteu seungit cara wanoja-wanoja urang kota”. Hatena terus noroweco. Kaya kieu mah cenah, aing kudu getol mandi isuk-isuk.  Kalayan paniatan eta bener dilaksanakeun, turta unggal wanci carangcang tihang inyana geus nguprek di tampian sisi pasir kebon kawung.

Kacarioskeun Abah Olot si tukang lahang, sihoreng gawena harita ngukuntit petana Nyi Denok, maksud nangenan kalakuan nyi randa sapada harita (pan kitu nya ari dina dunia politik mah sok silih intel kalakuan masing-masing, tujuan neangan kalemahan, pikeun silih ragragkeun, silih gubragkeun, silih jongklokkeun).

Nalika Abah Olot, katangen ngintil Nyi Randa demplon, ieu carita dipungkas heula mangrupi episode pertama, kumargi ki dalang kabujeng tunduh. Cag heula!***

0 comments:

Post a Comment