PUISI SUNDA : DINA WATES BURUAN

Dina wates hiji buruan
Na iuh-iuh panyaweran
Diri cicing, nangtung nangtang panglamunan
Nyoreang nyawang lampah nu pernah kasorang

Di dieu dina wates buruan anu ieu
Ngagurat aya carita
Ngagalura paamprokna kasono
Repok dina tatapakan kalimah nu direka
Taya aling-aling deui nu dipikarisi
Sabab geus jadi hariring nu pernah dipasinikeun dina ati

Enya di dinya dina wates buruan
Guratna carita harita
Ngagalura lir motahna sagara, sajeroeun dada
Tapi teu lila
Da jadi simpe
Salin jinis ku geter hate
Nu ngan ukur galindeng ati midangdam kahayang
Dipapande dipataremakeun jeung rasa kaheman
Enya jadi ukur lamunan

Enya di dieu pisan dina wates buruan
Diparipih deui sugan aya pasini nu kungsi ngancik, dapon saeutik
Nu pernah mawa beja, najan hawar-hawar
Nyandingkeun deui dua tatali rabi
Dipatri ku rasa surti
Diais ku lamping asih
Digelindengkeun dina wangunan dangding
Anu bihari dijangjikeun bakal jadi milik urang duaan

Tapi di dieu dina wates buruan
Kiwari tinggal implengan
Ngawujud tulisan anu ngan ukur milik diri sorangan
Tulisan nu geus taya komaraan
Geus taya deui soraan
Sabab karuang ku lemah pangharepan

Enya di dieu masih dina wates buruan
Dina iuh-iuh panyaweran
Dina puhu-puhu panineungan
Kuring masih nangtung, tetep nyorangan

Tutugan Gunung Tambaguruyung, 02-02-2010.

0 comments:

Post a Comment