Aya carita anu can tamat
Ah, da memang carita hirup rek iraha tamatna
Pan amparan jagatna oge can dipungkas
Ari kahayang mah lalakon teh geus lekasan
Geus bosen ningal pamilon nu igel-igelan
Di luhur panggung kahuripan, kasarakahan
Anu caritana loba rekaan
Direka ku lobana kahayang anu can kasorang
Enya kahayang mah lalakon teh geura enggeusan
Ending-na pikabungaheun jeung pinuh ku pangharepan
Tapi lalakon teh bet asa nambahan
Caritana tambah euyeub ku paneka, pinuh ku pangropea
Luka-liku dina catur nu kadang tanpa bukur
Dibungkus dina paket-paket episode
Disambung-sambung ku kalbu najan teu parok, sarta tetep teu nyambung
Diperenah-perenah dina manah, najan teu saluyu, sabab tema nu dibawa lain amanah.
Atuh kumaha da kahayang teu bisa dipungpang
Numawi lalakon kudu terus manjang
Enya teu nanaon, tapi kahayang kudu didadasaran ku luang
Sangkan ngarti tur surti papada urang
Emprona hirup teu asal senang
Ngudag-ngudag luang jeung daluang
Tapi panungtunganana ukur dipungkas ku lambaran uang
Hirup asa loba nu can kasorang
Teu sadar aweuhan anu can kasorang
Taya lian hirup di alam pawenang
Mikir tingtrim di alam langgeng
Ti ayeuna, samemeh srangege lingsir ngulon
Samemeh waruga nyangirah ngaler
Samemeh sukma ditanya perkara ngangler
Samemeh bugang ngababatang
Di pajaratan patunjang-tunjang
Ya Robbi...abdi sumerah
Waruga jeung sukma asal ti Anjeun
Jaga balik deui ka Anjeun
Ya Robbi, abdi lahir dina raga jeung sukma nu suci
Balikkeun deui abdi dina panungtungan napas anu murni
Dina lalakon nu pinuh ku kahayang
Kahayang anu luyu jeung piwulang
Piwulang Anjeun nu mawa senang di alam pawenang
Diwuwuh piwuruk Anjeun nu nungtun hirup suhud Naratas lampah pikeun nyorang bagja
Di alam nu taya tungtung
Henteu linglung sabada episode carita hirup urang diitung-itung
Haliwung ti Tutugan Gunung Tambaguruyung 16 Oktober 2010
Education, Human Life Changing
1 year ago
0 comments:
Post a Comment